Kecap Rundayan

on Sabtu, 03 Agustus 2013

Kecap Rundayan

Kecap Rundayan

Kecap Rundayan nya eta kecap jembar anu diwangun ku cara ngantetkeun rarangken kana wangun dasarna. Proses ngawangun kecap rundayan disebut ngararangkenan (afiksasi).

Rarangken (afiks) anu aya dina basa Sunda teh kabehna aya opat rupa :

1) rarangken hareup (Prefiks)

2) rarangken tengah (infiks)

3) rarangken tukang (sufiks)

4) rarangken barung (konfiks)

Rarangken

HAREUP

TENGAH

TUKANG

BARUNG

ba-

-ar-

-an

barang-

-in-

-eun

ka--an

di-

-um-

-ing

kapi-

ka-

-keun

pa--an

N-

-man/-wan

pan--na

pa-

-na

pi--an

silih-

-ning

pi--eun

pada-

pika

para-

pika--eun

per-

sa--an

pi-

sa--eun

pra-

sa--na

sa-

ting--ar

sang-

si-

ti

ting-

pari-

a. rarangken Hareup (Prefiks)

rarangken hareup atawa awalan nya eta rarangken anu ngantet hareupeun wangun dasarna. Proses ngawangun kecap rundayan ku rarangken hareup disebut ngararangkenan hareup (prefiksasi)

1. rarangken harep ba-

ngararangken hareup ba- fungsina ngawangun kecap pagawean (fungsi verbal) anu hartina ‘kalakuan intransitif’ =badami, badarat, barempug, balayar, jste.

2. rarangken hareup barang-

ngararangkenan hareup barang- fungsina ngawangun kecap pagawean nu hartina ‘kalakuan nu teu tangtu tujuan atawa objekna’ = barangbeuli, barangpenta, barangtanya, jste.

3. rarangken hareup di-

Ngararangken hareup di- fungsina ngawangun :

a) kecap pagawean nu hartina :

(1) ‘kalakuan aktif’= dibaju, digawe, diajar.

(2) ‘kalakuan pasif’= dicokot, diala, dipiceun.

b) kecap sipat (fungsi ajektival) anu hartina :

(1) ‘dibere…’=diogo, dihormat, dipercaya.

(2) ‘kakeunaan’=diancam, dikabul, dideugdeug, jste.

4. rarangken hareup ka-

ngararangkenan hareup ka- fungsina keur ngawangun :

a) kecap pagawean nu hartina :

(1) ‘teu dihaja di-……’= kageleng, katincak, kagebug.

(2) ‘beunang di-……’= kabawa, kabaca, kaangkat.

(3) ‘anu di-……’= kasebut, kasabit.

b) kecap barang (fungsi nominal) nu hartina :

(1) ‘hal nu patali jeung’ = kabisa, kasakit, kamampuh .

(2) ‘hal nu dipi-……’= kaasih, kaceceub, kadeudeuh.

c) kecap sifat nu hartina :

(1) ‘kakeunaan’=kapincut, katohyan, kagagas.

(2) ‘bisa di-……;=katenjo, kaerong, kaampeuh.

(3) ‘teu dihaja di-……’=kakeueum, kapaksa, kadupak.

(4) kecap bilangan (fungsi numeral) nu hartina ‘tahapan’ jeung ‘bagian’

= kahiji, kadua, katilu, jste.

5. rarangken hareup N-(nasal)

rarangken N- boga alomorf /m-,n-,ng-,ny-,nga-,nge-/.

Morf N- robah jadi alomorf :

(1) /m/ mun ngantet kana wangun dasar nu dimimitian ku fonem /b,p/

= baca – maca ; pacul – macul

(2) /n-/ mun ngantet kana wangun dasar dimimitian ku fonem /t/

= tulis – nulis ; tonjok - nonjok

(3) /ny/ mun ngantet kana wangun dasar nu dimimitian ku fonem /c,s/

= cabak – nyabak ; sapih - nyapih

(4) /ng-/ mun ngantet kana wangun dasar nu dimimitian ku fonem /k, vokal/

=karang – ngarang ; ala – ngala ; ibing – ngibing ; urus – ngurus ; ejah – ngejah ; ojeg – ngojeg ; eupanan – ngeupanan.

(5) /nga-/ mun ngantet kana wangun dasar nu dimimitian ku fonem /b,d,g,h,j,l,m,r,w,y/ = bedah – ngabedah ; dobrak – ngadobrak ; goler – ngagoler ; huit – ngahuit ; jawab – ngajawab ; liang – ngaliang ; manah – ngamanah ; ronda – ngaronda ; wayang – ngawayang ; yuga – ngayuga, jste.

Ngararangkenan hareup N- fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap pagawean nu hartina :

(1) ‘ngalakukeun’ = maca, nulis, nyaba.

(2) ‘kalakuan make’ = ngagaru, ngawayang, ngawuluku.

(3) ‘nyieun…’ = ngabentuk, ngaruksak, ngawangun.

(4) ‘kalakuan dina waktu’ = nyubuh, nyore.

(5) ‘mere’ = menteun, ngajen, jste.

b) Kecap sifat anu hartina :

(1) ‘jadi’ = ngalayan, ngagunduk.

(2) ‘jadi saperti’ = nanjung, ngajubleg.

(3) ‘lumaku saperti’= ngabdi, ngawula.

(4) ‘nganggap’ = ngamusuh, midulur, munding.

(5) ‘boga’= ngigama, ngarasa.

(6) ‘boga sipat’ = nyeni, nyentrik.

(7) ‘dina kaayaan’ = ngedul, nurut, nyorangan; jste.

Rarangken mi- saperti dina mibapa, migawe, jste. mangrupa gabungan rarangken N- (pi-), jentrena N- + pibapa, N- + pigawe, jste.

6. rarangken hareup pa-

Ngararangken hareup pa- fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap barang nu hartina :

(1) ‘palaku’ = patugas, patandang, pajoang.

(2) ‘nu biasa…’= padamel, padagang, patani.

(3) ‘hal nu di --- keun’= panuhun, pamenta.

(4) ‘hal nu jadi…’= paudur.

b) Kecap pagawean nu hartina :

(1) ‘kalakuan teu dihaja ku lobaan’ = papisah, paamprok, patepung ;

(2) ‘silih…!’ = padupak, paadu, patanya ;

c) kecap sipat nu hartina ‘aya dina kaayaan’ = pakojot, padeukeut, paciweuh.

d) kecap pancen (fungsi fungsional) nu hartina’tempat di…’=palebah,jste.

Rarangken pang- nu hartina ‘alat’ saperti dina pangjurung, panggeuing, pangbarung, mangrupa gabungan rarangkeun pa- jeung N-

= jurung – ngajurung - pangajurung – pangjurung, jste.

7. rarangken hareup pada-

ngararangkenan hareup pada- fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap pagawean nu hartina ‘sarua…’=padadaek, padadatang, padadahar.

b) kecap sipat nu hartina ‘sarua’=padabeunghar, padapinter, padageulis,jste.

8. rarangken hareup para-

Ngararangken hareup para- fungsina pikeun ngawangun kecap barang anu hartina ‘loba’=paraguru, parawargi, parasiswa, paramitra, jste.

9. rarangken hareup pari-

Ngararangkenan hareup pari- fungsina pikeun ngawangun kecap barang anu hartina ‘sagala; rupa-rupa hal.

= paribasa ; paripolah ; pariboga ; pariwisata ; jste.

10. rarangken hareup per-

Ngararangkenan hareup per- fungsina pikeun ngawangun :

a) Kecap barang nu hartina ‘hal anu jadi’ = pertanda, perlambang;

b) Kecap sipat nu hartina ‘hal nu dibawa ti memeh lahir’

= perbawa,perwatek.

11. rarangken hareup pi-

Ngararangkenan hareup pi- fungsina ngawangun :

a) kecap barang anu hartina :

(1) ‘nu dijieun’ = pituduh ; piwuruk ; piwulang ;

(2) ‘tempat’ = piruhak ; pigeulang ;

b) kecap pagawean nu hartina ‘nitah/imperatif’ = pigawe ; pidamel.

c) kecap sipat anu hartina ‘resep kana/ka’ = piharta ; piduit ; piindung.

12. rarangken hareup pra-

Ngararangken hareup pra- fungsina pikeun ngawangun kecap barang anu hartina ‘memeh‘ = prajabatan ; prasaran ; praduga ; prakiraan ; jste.

13. rarangken hareup sa-

Ngararangken hareup sa- fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap bilangan nu hartina ‘hiji’ = sahanggor , sadus.

b) kecap sifat nu hartina ‘sarua’ = sarupa, saimbang.

c) kecap pancen nu hartina ‘waktu’= samemeh, sabada, saenggeus, saencan.

14. rarangken hareup sang-

Ngararangkenan hareup sang- fungsina ngawangun cakal (prakategorial) anu haryina ‘ aya dina kaayaan’=sanghulu, sanghunjar, sanghareup, sangigir, jste.

15. rarangken hareup si-

Ngararangkenan hareup si- fungsina pikeun ngawangun kecap pagawean nu hartina ‘migawe maneh / repleksif’=sideang, sibeungeut, siduru, sibanyo,jste.

16. rarangken hareup silih-

Rarangken hareup silih- boga alomorf sili- jeung alternan pili-. Ngararangkenan silih- fungsina pikeun ngawangun kecap pagawean anu hartina ‘pabales-bales/respiroaktif’= silihdupak, silihsimbeuh, siligenti, piligenti, jste.

17. rarangken hareup ti-

Ngararangkenan hareup ti-fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap pagawean hartina kalakuan teu dihaja

= tidagor, tijeduk, titajong, titotog jste.

b) kecap sipat nu hartina :

(1) ‘aya dina kaayaan’ = tigebrus, tikait, tikudawet, jste;

(2) ‘teu dihaja’ = tibeubeut, jste.

18. rarangken hareup ting-

rarangken hareup ting- boga alternan pating- fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap pagawean nu hartina kalakuan loba palakuna

= tingcerewet, tinggorowok, tingkodomang, jste.

b) kecap sipat nu hartina:

(1) ‘loba’ = patingbaranang.

(2) ‘loba tuluy-tumuluy, bareng’=tingseredet, patinggurilap, jste.

b. Rarangken tengah (Infiks)

Rarangken tengah atawa seselan nya eta rarangken anu diseselkeun kana tengah-tengah wangun dasarna. Proses ngawangun kecap rundayan ku rarangken tengah disebut ngararangkenan tengah (infikasi).

1. Rarangken Tengah –ar-

Rarangken tengah –ar- boga alomorf (-al,-ar,ra-).

Rarangken tengah –ar- robah jadi alomorf:

a) –al- mun dilarapkeun kana wangun dasar anu dimimitian ku fonem /I/

ditungtungan ku fonem /r/:

-ar- + bageur = balageur

+ leuleus = laleuleus ;

b) –ar- mun dilarapkeun kana wangun dasar nu dimimitian ku vonem vokal.

Contona :

-ar- + jeun = aranjeun

+ era = arera

+ isin = arisin

c) –ra- mun dilarapkeun kana wangun dasar nu ngan saengang tur dimimitian ku konsonan. Contona :

-ra- + beng = rabeng

+ clok = raclok

+ jlok = rajlok

Ngararangkeunan tengah –ar- fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap barang nu hartina ‘loba’ = barudak, bareurang;

b) kecap pagawean nu hartina‘loba’= marandi, garelut;

c) kecap sipat nu hartina :

1) ‘loba’ = barodo, raruksak, gareulis, baroga.

2) ‘rada,terus-terusan’= nyareri, rarepot, areungap.

2. Rarangken tengah -in-

Ngararangken tengah –in- fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap pagawean nu hartina :

(1) ‘kalakuan pasif di-‘ = tinulis, ginanjar, sinerat;

(2) ‘di --- keun’ = pinanggih, pinareng, tinemu, jste.

b) kecap sipat nu hartina ‘boga sipat’=sinatria, pinandita, jste

3. Rarangken tengah –um-

Ngararangkenan tengah –um- fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap sipat nu hartina :

(1) ‘keur meujeuhna siga’=humaseum, kumerot, lumeho.

(2) ‘lumampah saperti nu’=gumeulis, gumasep.

(3) ‘boga’= rumasa.

(4) ‘lumaku cara ka’= gumusti.

(5) ‘dina kaayaan’ = gumantung, umangkeuh, tumamprak.

(6) ‘tuluy tumuluy tur remen’ = lumengis, lumenyap.

(7) ‘milampah’ = sumerah, sumujud, kumawula.

b) kecap pagawean nu hartina ‘lila, sababaraha kali’= jumegur, jumerit.

c. Rarangken Tukang (Sufiks)

Rarangken tukang atawa ahiran nya eta rarangken anu ngantet tukangen wangun dasarna. Proses ngawangun kecap rundayan ku rarangken tukang disebut ngararangkenan tukang (sufiksasi).

1. Rarangken Tukang –an

Ngararangkenan tukang –an fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap barang nu hartina :

(1) ‘tempat’ = gantungan, sampayan.

(2) ‘parabot’ = takeran, sipatan, meteran.

(3) ‘hasil’ = paisan, karangan, tulisan.

(4) ‘nu boga sifat’ = atahan, beureuman.

(5) ‘hasil ti’ = garutan, ciamisan, tasikan.

b) kecap pagawean nu hartina :

(1) ‘make’ = caian, hateupan, wadahan.

(2) ‘jadikeun’ = gedean, jangkungan, leutikan.

(3) ‘sangkan kakeunaan’= diukan, locotan, ilikan.

(4) ‘remen migawena’ = teunggeulan, bacaan.

c) kecap sipat nu hartina :

(1) ‘sipat, bakat’= barbarian, daekan, gehgeran.

(2) ‘dina kaayaan’= sakedapan, enyaan.

(3) ‘boga sipat saperti’=kulit cakcakan, kampungan.

(4) ‘boga’ = cahayaan.

d) kecap bilangan nu hartina:

(1) ‘gundukan’ = hijian, puluhan, ratusan.

(2) ‘kumpulan’= duaan, tiluan, genepan, jste.

2. rarangken Tukang -eun

Ngararangkenan tukang –eun fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap barang nu hartina :

(1) ‘hal anu rek dipigawe’ = dahareun, alaeun, cacageun.

(2) ‘tempat / arah di’ = handapeun, hareupeun, gigireun.

b) kecap sipat nu hartina :

(1) ‘kasakit’ = cacingeun, hileudeun, jengkoleun.

(2) ‘bakat’ = kuuleun, kokoredeun, peujit koreseun;

(3) ‘boga sipat’= hulu peutieun, taktak korangeun;

(4) ‘dina kaayaan‘ = tinggaleun, leungiteun.

(5) ‘jalma katilu dina kaayaan’= eraeun, hayangeun.

3. rarangken tukang –keun

Ngararangkenan tukang –keun fungsina pikeun ngawangun kecap pagawean nu hartina :

(1) ‘malar dipake’= bebeureun, pakekeun.

(2) ‘sina jadi’ = leutikkeun, ringkeskeun, cindekkeun.

(3) ‘sina lumaku / dipake alat’ = tuliskeun, gawekeun.

(4) ‘sina maju ka’= ka Bandungkeun, ka kalerkeun.

4. rarangkeun tukang –man / -wan

Ngararangkenan tukang –man, -wan, -wati fungsina pikeun ngawangun kecap barang nu hartina ahli / tukang’ = budiman, wartawan, sastrawan, seniman, sastrawati, jste.

5. Rarangken tukang –na

Rarangken tukang –na boga alomorf (-ana jeung –nana)

Rarangken –na robah jadi :

a) –ana mun ngantet kana wangun dasar nu boga rarangken tukang –eun

= araheunana, cooeunana, jste.

b) –nana mun ngantet kana wangun dasar nu ngan dua engang :

= etanana, duanana, itunana, jste.

Ngararangkenan tukang –na fungsina pikeun ngawangun kecap barang hartina:

(1) ‘hal anu tangtu (anafora)’ = patalina, gantina, dahanna.

(2) ‘waktu nincak kana’ = tiluna, tujuhna.

(3) ‘milik (possesif)’ = sapatuna, dadana, indungna.

6. rarangken Tukang –ning

rarangken –ning boga alomorf –ing mun dikantetkeun kana wangun dasar nu ditungtungan ku konsonan, fungsina ngawangun kecap pancen nu hartina ‘panganteb (intensitas)’ :

-ing : awahing, mungguhing, bakating.

-ning : wantuning, kersaning, estuning, jste.

d. Rarangken Barung (konfiks)

Rarangken barung atawa barungan nya eta rarangken anu dipakena babarengan jeung rarangken sejenna geusan ngadegkeun wangun jeung harti kecap. Proses ngawangun kecap rundayan ku rarangken barung disebutna ngararangkenan barung (konfiksasi). Ciri utama kecap anu ka kakeunaan konfiksasi, lamun salah sahiji rarangkena dilaan eta kecap taya hartian.

1. rarangken barung ka—an

Ngararangkenan ka—an fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap barang nu hartina :

(1) ‘hal nu patali jeung’=kaamanan, kageulisan.

(2) ‘hal nu di-‘= kadaharan.

(3) ‘hal nu di-keun’= kaperluan.

(4) ‘hal nu sipatna’= kanyataan, kajayaan.

b) kecap sipat nu hartina :

(1) ‘kakeunaan’ = kacanduan, kaalaman.

(2) ‘bisa di-keun’ = kabuktian.

(3) ‘teu dihaja’ = kabeneran, kalepasan.

(4) ‘bisa di—an’= kacumponan, kanyahoan;

(5) ‘teu dihaja kakeunaan’ = kasiangan, katirisan;

c) kecap pagawean nu hartina :

(1) ‘kakeunaan’= kahuruan, kabangsatan, kacopetan.

(2) ‘teu dihaja di—an’= kaalaan, kakotoran,jste.

2. Rarangken Barung kapi-

Ngararangken kapi- fungsina pikeun ngawangun kecap barang anu hartina ‘pernah……’

= kapibapa, kapiadi, kapilanceuk, kapiindung, jste.

3. Rarangken barung pa-an

Ngararangken pa—an fungsina pikeun ngawangun :

a) kecap barang nu hartina :

(1) ‘pakumpulan’ = pasawahan, pakampungan.

(2) ‘tempat’ = pakandangan, pabeasan, padaringan.

(3) ‘tukang’= pasuratan, pasapon, pamabokan.

(4) ‘hal’ = pakasaban, pausahaan, pamarekan.

(5) ‘jalma anu’ = pamilon.

b) Kecap sipat anu hartina ‘dina kaayaan’ = paculcilan, pamohalan, jste.

4. rarangken barung pang-keun.

Ngararangken pang—keun fungsina pikeun nagwangun kecap pagawean anu hartina ‘nitah;ngalakukeun, pagawean keur nu lain (beneaktif)’

= pangmawakeun, pangmeulikeun, pangnyokotkeun, jste.

5. rarangken barung pang-na

Ngararangkenan pang-na fungsina pikeun ngawangun kecap sipat nu hartina ‘leuwih ti nu lain (superlatif)’= pangbageurna, pangpinterna, panggeulisna, jste.

6. Rarangken barung pi-an

Ngararangkenan pi-an fungsina pikeun ngawangun kecap barang nu hartina :

(1) ‘kumpulan’ = pilemburan.

(2) ‘hal nu patali jeung’= pileumpangan

(3) ‘tempat / wadah’= piruruhan, pigeulangan.

(4) ‘hal nu gunana sangkan’ = piceuceuban, piwurungan, pipahokan, jste.

7. Rarangken barung ting-ar

Ngararangkenan barung ting-ar fungsina pikeun ngawangun kecap sipat nu hartina ‘loba’ = tinggaluheur, tingtaringkel, tingkarerut, jste.

8. Rarangken barung pika-

Ngararangkenan barung pika- fungsina pikeun ngawangun kecap pagawean anu hartina ‘sangkan (nitah) dipi-‘ = pikabogoh, pikamemeut, pikangewa,jste.

9. Rarangken barung pika-eun

Ngararangkenan pika-eun fungsina pikeun ngawangun kecap sipat nu hartina ‘nyababkeun’= pikagilaeun, pikaijideun, pikangewaeun, jste.

10. Rarangken barung sa-an

Ngararangkenan sa-an fungsina pikeun ngawangun kecap sipat nu hartina ‘sawaktu’ = sabrehan

11. Rarangken Barung sa-eun

Ngararangkenan sa-eun fungsina pikeun ngawangun kecap sipat nu hartina :

(1) ‘aya di-‘ = sahandapeun, sagigireun, sabudeureun.

(2) ‘arek…pisan’= sajungeun, sapokeun, sahoseun.

(3) ‘ngan sa’= sakalieun, sakieueun, jste.

12. Rarangken barung sa-na

Ngararangkenan sa-na fungsina pikeun ngawangun :

(1) kecap sipat anu hartina ‘sanajan / sakumaha…,-na’ = saalusna, sapinterna,

sagorengna.

(2) kecap pancen au hartina ‘panganteb’=saenyana, sabenerna, saestuna,jste.

Ranking: 5

1 comments:

 
 
© bambang sulistio | situs pribadi Moch. Bambang Sulistio | All Rights Reserved
www.bambangsulistio.web.id is continuation of bambangworld.blogspot.com